Kobe aya di Hyōgo, Jepang. | |
Lokasi | |
Nagara | Jepang |
Préfektur | Hyōgo |
Karakter fisik | |
Area | 552,80 km² (213,4 sq mi) |
Populasi (as of 1 Séptémber, 2007) | |
Total | 1,530,295 |
Kapadetan | Citakan:PD km2 to sq mi |
Lokasi | 34°41′N 135°12′E / 34.683°N 135.200°EKoordinat: 34°41′N 135°12′E / 34.683°N 135.200°E |
Lambang | |
Tangkal | Camellia sasanqua |
Kembang | Hydrangea |
Symbol of Kobe Lambang Kobe | |
Kantor Pamarentahan Kobe | |
Walikota | Tatsuo Yada |
Alamat | 〒650-8570 6-5-1 Kano-chō, Chūō-ku, Kōbe-shi, Hyōgo-ken |
Nomer telpon | 078-331-8181 |
Ramatloka resmi: Kota Kobe |
Kota Kobe (神戸市 Kōbe-shi?) nyaéta ibukota Préféktur Hyogo sarta salah sahiji kota palabuan utama di Jepang jeung populasina kira-kira 1.4 juta. Kota ieu ayana di Wewengkon Kansai Jepang sarta bagéan ti metropolitan Osaka-Kobe-Kyoto. Kobe kaasup salah sahiji tina tujuhbelas kota metropolitan.
Asal Kobe dumasar kana ngaran Ōwada Anchorage (大輪田泊 Ōwada-no-tomari?), tulisan panungtung nu kacatet ti wewengkon Nihon Shoki, nu sacara jentre kapanggih dina Kuil Ikuta ku Ratu Jingū dina taun 201 A.D.[1][2] Dumasar kana catetan sajarah, ieu wewengkon teu pernah aya dina kakawasaan hiji pamaréntahan, pon kitu deui salila Periode Tokugawa, waktu palabuan dikontrol langsung ku Shogun Tokugawa. Kobe teu pernah aya nepi ka kiwari saméméh diwangun dina taun 1889. Ngaran asalna tina "kanbe" (神戸 kanbe?), gelar pasukan panah nu ngadukung Kota Kuil Ikuta.[3][4] Kobe jadi salah sahiji kota metropolitan dina taun 1956.
Kobe salah sahiji kota munggaran nu dibuka keur dagang jeung Kulon sanggeus ahir politik isolasi sarta kiwari disebut kota palabuan kosmopolitan. Dina taun 1995 Lini Gedé Hanshin ngancurkeun sabagéan gedé Kota Kobe salaku kota palabuan, kiwari jadi kota palabuan nomer opat pangsibukna di Jepang.[5] Sababaraha pausahaan kantor pusatna di Kobe saperti ASICS, Kawasaki Heavy Industries, jeung Kobe Steel, sarta leuwih ti 100 korporasi internasional Asia atawa Jepang ngantor di ieu kota saperti Procter & Gamble jeung Nestlé.[6][7]
Kobe nyaéta asal jeung tempatna sapi Kobe sarta tempat cinyusu panas Arima Onsen.