Kompas/kom·pas / nyaéta hiji alat anu di jerouna aya jarum magnét/semprani anu dimangpaatkeun pikeun nunjukkeun ka lebah kalér/kalérna mahnét bumi.[1] Jaman baheula cara gawé Kompas semprani ku jalan maké semprani nétral anu digantungkeun, ku lantaran ayana pangaruh semprani bumi/alam dunya antukna lalaunan ieu semprani doyong nunjukkeun ka beulah kalér. Pamaggih anu mertélakeun di mana jarum semprani nunjukna ka lebah kaléreun semprani alam dunya dumasar pamaggihna urang Cina anu dijéntrékeun dina buku Loven Heng. Mangsa abad ka salapan, urang Cina mah geus mekarkeun ieu kompas ku mangrupa jarum anu bisa ngambang jeung muter. Pamayang Pérsia manggihan kompas ti urang Cina satuluyna mah ieu kompas téh jadi barang dagangan dinagarana. Cunduk kana waktu dina taun 1877 William Thomson salah saurang urang Inggris, 1st Baron Kelvin(Lord Kelvin) nyieun kompas anu leuwih hadé tur dimangpaatkeun ku loba nagara. ku lantaran kompas saméméhna loba kakurangan utamana dina mangsa nunjukkeun arah masih loba parbédaan tina kaayaana ku alatan kapangaruhan/kaganggun ku beusi anu mangrupa bahan-bahan pikeun ngawangun kapal anu beuki dieu beuki loba ngamangpaatan beusina.
Umumna hiji kompas diwangun ku 3 komponen kompas, kahiji kompas, kadua jarum magnét, jeung katilu skala arah mata angin. Awak kompas gunana pikeun mungkus tur ngalindungan komponen penting kompas. Jarum magnét dipasang kalawan taliti sangkan bisa lancar usik jeung muter mangsana ditempo horizontal. Skala panunjuk umumna mangrupa buleudan 360° jeung arah mata angin.[2].