Kota Tua Jakarta

Jakarta jaman baheula

Kota Tua Jakarta nyaéta objek wisata nu aya di Jakarta, Jakarta Kota.[1] Nu kawentar ku stasiun Beos.[1] Kota Tua Jakarta mangrupa saksi sajarah kota Jakarta.[2] Deukeut jeung Kantor Imigrasi Jakarta Barat, Musium Fatahillah, Musium Wayang, jeung sajabana.[1] Nalika di poé-poé libur sakola, loba nu datang ka tempat ieu, pikeun jalan-jalan, ulin ka musium, nepi ka fofotoan di wangunan heubeul Jaman Walanda.[1] Pikeun jalma nu resep naék sapéda, bisa nyéwa sapéda ontél ditambah ku topi khas noni jeung tuan Walanda.[1]

  1. a b c d e Kota Tua Archived 2012-02-21 di Wayback Machine (Diakses tanggal 24 November 2011)
  2. Jakarta Archived 2012-11-17 di Wayback Machine (Diakses tanggal 24 November 2011)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne