Buah kupa | |
---|---|
![]() | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | S. polycephalum
|
Ngaran binomial | |
Syzygium polycephalum | |
Sinonim | |
Jambosa cauliflora DC |
Kupa, gowok, atawa kupa beunyeur (Eugenia polycephala) nyaéta tangkal buah anu kaasup jajambuan (Myrtaceae) anu asalna di Indonésia, hususna Jawa jeung Kalimantan. Ngaran kupa di unggal wewengkon béda-béda saperti gohok (dialek Betawi), gowok, dompyong (bahasa Jawa).[1] Tangkalna leutik nepi ka sedeng, jangkungna 8-20 méter.[2] daunna lonjong panjangna 15x25 cm sedengkeun lébarna 17x13 cm, lemes jeung gagangna pondok.[3] Buah kupa, buleud tapi rada gépéng, 2–3 cm garis tengahna, warnana bungur kahideungan rada hérang, aya mahkota tabung kelopak.[2] Buah ieu mirip jeung jambu solo, ukurana sagedé dukuh.[4] Bentukna buleud sagedé kaléci, warna keur ngorana héjo kolot, lamun geus asak warnana beureum méh kahideungan.[5] Asakna kupa téh rasana amis haseum, sikina ngan hiji dibulen ku daging.[5]
Daging buah bodas atawa rada beureum ka bunguran, loba kandungan cai.[4] Rasana haseum amis (kesed), sikina gépéng sedengkeun kulitna bodas atawa bungur kolot.[2] Kupa biasana tumuwuhna di gunung sékundér, anu jangkungna antara 200–1800 m, salain ti éta kupa dipelak di kebon.[2] Kupa lolobana diala buahna, osok dijual biasana sok di rujak.[2]
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama kupa5
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama kupa3