Kupat

kulit kupat

Kupat nyaéta kaolahan has Asia Tenggara maritim dijieunna tina bahan dasar béas nu dibungkus ku anyaman janur. Kupat sok mindeng kapanggih dina poé lebaran nalika umat Islam ngarayakeun réngséna bula Ramadhan.

Kaolahan has anu maké kupat téh di antarana kupat tahu, loték (Sunda), Grabag (Magelang), kupat glabet (Tegal), coto Makassar, jeung gado-gado (Betawi). Kupat ogé sok dipaké pikeun batur ngadahar saté, sanajan leuwih umumna mah ku lontong. Iwal di Indonésia, kupat ogé kapanggih di Malaysia, Brunéi, jeun Singapura. Di Filipina ogé aya “bugnoy” anu méh sarupa jeung kupat tapi maké pola anyaman anu béda[1].

Wangun kupat umumna pasagi atawa jajaran génjang tapi réa ogé wangun kupat séjénna kalawan maké pola anyaman nu rupa-rupa. Bahan nu dipaké pikeun nyieun kupat perlu dipilih janur anu boga kualitas nu hadé nyaéta anu panjang, teu pati ngora jeung teu kolot teuing.

  1. Almario, Virgilio, et al. 2010. UP Diksiyonaryong Filipino, 2nd ed. Anvil: Pasig.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne