Kupat tahu nyaéta kadaharan has Indonésia nu sumebar disakuliah indonésia. Biasana ieu kadaharan aya waé di unggal daérah hususna di Pulo Jawa, di antarana Bandung, Singaparna, Magelang, jeung Solo.[1] Sanajan aya di sababraha daérah, tapi unggal daérah miboga ciri has masing-masing.[1] Bahan dasar kupat tahu téh umumna sarua nyaéta, goréng tahu nu dicampur jeung kupat, tuluy dibanjur ku bumbu kacang kalawan maké kurupuk keur palengkepna.[1] [2]Kupat tahu ti Jawa Kulon miboga ciri has séwang-séwangan. Di daérah Jawa Kulon, kupat tahu umumna ditambahan ku bumbu rujak jeung sayuran kayaning togé (kacambah), bonténg, jeung engkol [1][2]