Mahabarata

Ilustrasi dina hiji naskah ngeunaan perang Baratayuda di Kurusétra.

Mahabarata (Sansakerta: महाभारत) nyaéta hiji karya sastra buhun anu cenah ditulis ku Bagawan Abiyasa atawa Vyasa ti India. Buku ieu diwangun ku dalapan belas buku, mangka dingaranan Astadasaparwa (asta = 8, dasa = 10, parwa = buku). Tapi, aya ogé anu percaya yén carita ieu saéstuna mangrupa kumpulan ti réa carita anu asalna mencar, anu dikumpulkan saprak abad ke-4 saméméh Masehi.

Sacara singget, Mahabarata nyaritakeun carita konflik para Pandawa lima jeung baraya misan maranéhanana nyaéta saratus Kurawa, ngeunaan sengkéta hak pamaréntahan tanah nagara Astina. Puncakna nyaéta perang Baratayuda di tegal Kurusétra sarta perang lumangsung salila dalapan belas poé. Citakan:Hindu sastra


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne