Meridian Lossless Packing


Gambar:Dolby MLP.svg
Logo Meridian Lossless Packing

Meridian Lossless Packing nyaéta téhnik komprési lossless nu proprietary pikeun ngomprési data audio PCM anu dimekarkeun ku Meridian Audio, Ltd. MLP mangrupa métode komprési tanpa rugi pikeun eusi DVD-Audio (sering diiklankeun ngagunakeun logo Advanced Resolution) sarta ilaharna ngahasilkeun komprési 2:1 kana lolobana material musik. Sakabéh pamuter DVD-Audio dilengkepan ku pang-dékode-an MLP, sedengkeun kagunaannana sorangan dina disk mangrupa discretion nu mroduksina.

Dipikawanoh ogé minangka Packed PCM (PPCM) sarta bareng jeung generasi satuluyna tina DVD bakal dipikawanoh minangka Dolby TrueHD, kalayan nambah rarata sampel (sample rate) nu leuwih luhur, rarata bit (bit rate) nu leuwih luhur, 8 full-range channels, extensive metadata, panempatan custom speaker (saperti anu dispesifikasikeun ku SMPTE), jung timecode.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne