Minyak bumi

Kompa minyak konvénsional di Sarnia, Ontario

Minyak bumi atawa pétroleum (tina basa Yunani petrabatu jeung elaion atawa basa Latin oleumminyak), minyak atah (crude oil), ogé katelah emas hideung, hartina cairan kentel, warnana kopi atawa semu héjo, nu mangrupa campuran rupa-rupa hidrokarbon, utamana golongan alkana, sarta kandungan lianna nu aya di lapisan luhur dina jero kulit Bumi. Minyak bumi utamana dipaké pikeun bahan bakar nu penting pisan salaku sumber énergi (IEA Key World Energy Statistics). Minyak bumi ogé mangrupa bahan baku pikeun rupa-rupa produk bahan kimia, di antarana pangleyur, pupuk, péstisida, jeung plastik.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne