Téhnik modulasi |
---|
Modulasi analog |
Modulasi digital |
OOK | FSK | ASK | PSK | QAM | APSK | MSK | CPM | PPM | TCM | OFDM |
Spéktrum sumebar |
Dina telekomunikasi, modulasi nyaéta prosés numpangkeun sinyal informasi ku cara ngarobah-robah hiji gelombang périodik dina cara nu sarupa saperti saurang musisi ngamodulasi nada sahiji alat musik ku cara ngarobah-robah volume, timing jeung pitch. Biasana gelombang sinusoida nu boga frékuénsi luhur (gancang) digunakeun sabagé sinyal pamawa. Tilu paraméter utama gelombang sinusoida nyaéta amplitudo ("volume"), fase ("timing") jeung frékuénsi ("pitch"). Tilu paraméter kasebut bisa dirobah-robah luyu jeung sinyal informasi nu boga frékuénsi handap (laun).
Alat anu ngalaksanakeun modulasi katelah modulator sedengkeun alat nu ngalakukeun operasi kabalikanana (nimukeun deui atawa nurunkeun informasi tina sinyal nu ditumpangan) disebut demodulator (kalan-kalan disebut detector atawa demod). Alat anu bisa ngalakukeun modulasi sakaligus demodulasi disebut modem (singkatan tina gabungan dua terminologi kasebut).
Hiji conto basajan: Telepon kabel dirancang pikeun ngirimkeun sora, upamana nada, jeung lain pikeun ngirimkeun sinyal digital (anu aya dina dua kaayaan pareum jeung hurung atawa bit 0 jeung bit 1). Sanajan kitu, komputer-komputer (anu ngagunakeun sinyal digital) bisa ngalakukeun komunikasi ngaliwatan kabel telepon (pikeun sinyal analog) ku jasana modem. Modem bisa ngarobah bit-bit digital jadi nada-nada nu disebut simbul-simbul. Lamun aya opat simbul pilihan (bayangkeun alat musik anu bisa ngahasilkeun opat nada nu béda, hiji nada dina hiji waktu), simbul kahiji ngawakilan runtuyan bit 00, nu kadua 01, katilu 10 jeung nu kaopat 11. Lamun modem ngamaénkeun sahiji wirahma nu ngandung 1000 simbul per detik, mangka laju simbulna 1000 simbul/detik atawa 1000 baud. Lantaran tiap simbul ngawakilan hiji pesen nu ngandung dua bit digital, mangka laju bitna 2000 bit per detik.
Tujuan tina modulasi digital nyaéta pikeun ngirimkeun aliran bit digital ngaliwatan hiji kanal panyaring pita analog, contona kabel telepon dina jaringan telepon umum (di mana sahiji filter ngawatesan wilayah frékuénsi ti 300 nepi 3400 Hz) atawa hiji pita frékeuénsi radio terbatas (kawates).
Tujuan tina modulasi analog nyaéta pikeun ngirimkeun hiji sinyal analog panyaringpitahandap, contona hiji sinyal audio atawa sinyal TV, ngaliwatan hiji kanal panyaringpita analog, contona frékuénsi radio kawates atawa channel jaringan TV kabel.
Modulasi analog jeung digital ngamungkinkeun frequency division multiplexing (FDM), di mana sababaraha sinyal informasi lolos saringanhandap dikirimkeun sakaligus ngaliwatan médium fisik nu sarua, ngagunakeun kanal saringan pita nu béda-béda. Ku cara kieu, hiji médium bisa diliwatan ku leuwih ti hiji sinyal.
Tujuan tina métoda modulasi pitadasar digital singkatan tina digital baseband modulation methods, anu katelah ogé line coding, nyaéta pikeun ngirimkeun aliran bit digital ngaliwatan channel saringanhandap, bakuna hiji kawat tambaga anu tanpa saringan saperti serial bus atawa local area networkl (nu maké kabel.
Tujuan tina métoda modulasi pulsa nyaéta pikeun ngirimkeun sahiji sinyal analog pitasempit, contona ucapan atawa sora telepon anu ngaliwatan hiji channel saringanhandap pitarubak, atawa, dina sababaraha sistem, sabagé aliran bit nu ngaliwatan sistem transmisi digital liana.