Modulasi amplitudo biasa jeung modulasi DSB ngahambur-hambur bandwidth lantaran duanana kudu mancarkeun bandwidth anu sarua jeung dua kali bandwidth sinyal informasi. Hal ieu bisa ditempo dina gambar di handap ieu:
Lantaran pita sisi luhur jeung pita sisi handap ngandung informasi nu sarua lengkepna, sabenerna urang cukup mancarkeun hiji pita sisi hungkul. Modulasi nu mancarkeun hiji pita sisi ieu disebut modulasi pita sisi tunggal atawa single-sideband (SSB).
Kaunggulan modulasi SSB nyaéta bandwidth nu leuwih hémat. Ngan, kakurangan utamana nyaéta biaya jeung kompléksitas dina prak-prakanana.