Monarki absolut nyaéta hiji wangun pamaréntahan monarki di mana saurang raja/ratu (atanapi pamingpin monarki kalawan gelar lianna) minangka otoritas pamaréntahan pangluhurna salaku pupuhu nagara jeung pupuhu pamaréntahan; kakawasaannana teu diwatesan ku undang-undang atanapi ku hukum. Saurang pamingpin absolut miboga kakiatan pulitik nu teu kawates kana nagara daulatnna jeung wargina. Pamingpin absolut lobana pamaréntahanna mangrupa héréditér (katurunan). Monarki absolut béda jeung monarki konstitusional, di mana otoritasna kawates ku undang-undang.