Muncang | |
---|---|
![]() | |
Muncang (Aleurites moluccana) daun, kembang, jeung siki | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | A. moluccana
|
Ngaran binomial | |
Aleurites moluccana (L.) Willd., 1805
|
Muncang (Aleurites moluccana), nyaéta tuwuhan anu sikina dimangpaatkeun minangka bahan minyak sarta samara.[1] Tuwuhan ieu masih sabaraya jeung sampeu sarta kaasup kana sélér (suku) Euphorbiaceae. Dina padagangan antarnagara dipikawanoh minangka candleberry, Indian walnut, atawa candlenut. Tangkalna disebut varnish tree atawa kukui nut tree. Minyak anu diperes tina sikina kapaké dina industri pikeun bahan campuran cét sarta dipikawanoh minangka tung oil.[2]
Muncang ayeuna geus sumebar di wewengkon-wewengkon tropis. Luhur tangkal ieu ngahontal kira-kira 15-25 méter. Daunna boga warna héjo sepa. Sikina mibanda garis tengah kira-kira 4–6 cm; Sikina mibanda taméng anu pohara teuas sarta ngandung minyak anu cukup réa, anu matak bisa dipaké pikeun lilin. Buah muncang nu di jerona ngan hiji sikina disebut gandul, di mana jerona dua sikina disebutna dampa.[1]
Muncang mangrupa tuwuhan anu dijadikeun tuwuhan resmi nagara bagian Hawaii.