Mutu


Coét jeung mutu

Mutu nyaéta alat anu jadi pasangana coét, anu sok dipaké ngaréndos samara atawa sambel. lamun ditingali tina wangunna, hampir jiga tongkat pondok anu bengkok beulah handapna saeutik, ngan tungtung lebah luhurna lewih leutik ti batan handapna.[1]

Anu tungtung leuwih leutik téa, dipaké pikeun nyekelan mutu éta supaya leuwih ka cangkreum ku leungen. Tungtung anu leuwih badag dipaké pikeun ngalemeskeun samara atawa sambel anu diwadahan dina coét téa.

  1. Sasmita, Mamat; - (2022). Mengenal Teknologi Tradisional Orang Sunda. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya. p. 95. ISBN 9786232218314. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne