Novel

Novel nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu eusi jeung jalan caritana panjang tur loba babagianana.[1] [2] Diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila.[2] Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadianana bisa katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna (fakta).[2] Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui disaluyukeun jeung pangabutuh carita sangkan leuwih pikaresepeun.[2]

  1. Denny Djuhaeni, Dra. Rini Tanumulyana, Elly Sarimana S. Pd, Ine Novita S.Pd, Drs. (2001). Mustika Basa Sunda. Jakarta: Grasindo. p. 23. ISBN 9789796952557. Diakses tanggal (disungsi – 22 Mei 2020). 
  2. a b c d Sumarsono Tatang, Dkk, 2014. Pamekar Diajar Basa Sunda Kelas XI (jilid ka II): Bandung: Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne