Oncom nyaéta kadaharan tina kacang anu di-fermentasi-keun. Oncom mangrupa kadaharan has Urang Sunda di Indonésia. Loba kamonésan tina oncom, di antarana oncom bisa jadi deungeun sangu ku jalan dipais, dibobotok, digoréng biasa, atawa dipasak jeung leunca. Oncom bisa ogé dikokolakeun jadi kiripik oncom.