Radio

Radio nyaéta pangiriman sinyal nirkabel, ku cara numpangkeun atawa nga-modulasi sinyal informasi kana gelombang éléktromagnétik dina jajaran frékuénsi handapeun frékuénsi cahaya katémbong. Rambatan gelombang éléktromagnétik dimungkinkeun ku cara ngaayunambing médan magnét. Ieu gelombang henteu merlukeun mediyeum pikeun ngaliwat. Informasi dibawa sacara sistematik ku cara ngarobah sababaraha sifat gelombang anu dipancarkeun, saperti amplitudo atawa frékuénsina. Mangsa gelombang radio ngaliwatan konduktor listrik, médan anu ngaayun-ambing ngahasilkeun arus listrik bulak-balik dina konduktor. Arus listrik ieu bisa didetéksi jeung dirobah jadi sinyal sora atawa sinyal liana.

Sanajan Nikola Tesla anu munggaran medar yén komunikasi nir-kabel bisa dilaksanakeun, persisna dina taun 1893, Guglielmo Marconi asal Italia, mangrupa panimu anu munggaran ngalakukeun komunikasi radio. Manéhna ngirim jeung narima sinyal radio munggaran di Italia dina taun 1895.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne