Rahwana

Rahwana dina Wayang Golék Purwa Sunda
Rahwana dina karéta kuningan, Searsole Rajbari, Benggala Kulon, India.

Rahwana (devanagari = रावण, ravana, Aks. Sunda:ᮛᮂᮝᮔ ) , dina mitologi hindu nya ėta palaku antagonis dina wiracarita Ramayana anu ngalawan Rama, rahwana digambarkeun boga 10 hulu matakna Rahwana disebut ogé Dasamuka. Rahwana nyaéta raja Aléngka sakaligus raja iblis (rakhsasa). [1][2] Rahwana nyaéta putra Resi Wisrawa ti padépokan dederpenyu jeung Déwi Sukési, putri Prabu Sumali raja Aléngka [3][4]. Nalika leutik ngaranna Dasasana atawa Dasagriwa [3]. Rahwana boga tilu adi: Arya Kumbakarna, Dewi Sarpakenaka, jeung Arya Wibisana. Lian ti éta, Rahwana boga adi téré nyaéta Wisrawana (Prabu Damaraja) jeung Prabu Danapati raja di Lokapala, putra resi wisrawa jeung Déwi Lokawati.[3] Rahwana boga loba pamajikan, tapi anu asli mah Déwi Mandodari (di Sunda biasa disebut Banondari).[5], anakna Mayasura anu nikah jeung widadari ngaranna Hema. Dina Ramayana dicaritakeun yén istana Rahwana pinuh ku awéwé geulis ti sakuliah nagri di dunya, lantaran awéwé di Aléngka ngarasa bungah lamun bisa nikah jeung Rahwana[1]. Rahwana boga senjata pusaka nyaéta chandrahasa atawa candrasa (pedang bulan), pakarang séjénis pedang anu boga dua ujung seukeut.[6][7]. Lian ti éta rahwana kasohor ku kaparigelan maké pakarang perang katut élmu sihir[8].

Rahwana dina pagelaran Tari topéng kelana
  1. a b (id)Rahwana a.k.a Dasamuka[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 18 September 2011)
  2. (id)Rahwana (Ravana) Archived 2011-06-28 di Wayback Machine (diaksés tanggal 18 September 2011)
  3. a b c (id)Artikel Rahwana Hadi Sukimo[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 18 September 2011)
  4. (id)wayang/index.php?option=com content&view=article&id=823&Itemid=823 Ki demang- Dasamuka[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 20 September 2011)
  5. [http;//datasunda.org/php/dnl.php?type=ri...Ceurik%20Rahwana%20(2) Ceurik Rahwana] (diakses tangal 20 September)
  6. (id)Tim Penulis Sena Wangi.Ensiklopedi Wayang Indonesia.Jakarta:Penerbit Sena Wangi ISBN 979-9240-02-6
  7. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Sumber8
  8. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama Sumber6

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne