Ramadhan Karta Hadimadja | |
---|---|
Ramadhan KH | |
Gumelar | Raden Ramadhan Karta Hadimadja 16 Maret 1927 Bandung, Jawa Barat |
Tilar dunya | 16 Maret 2006 (yuswa 79) Cape Town, Afrika Selatan |
Pagawéan | Sastrawan, Sastrawan Sunda, Budayawan, Wartawan |
Kabangsaan | Indonésia |
Kawarganagaraan | Indonésia |
Génré | Novél, Carpon, Sajak, Biografi |
Subjék | Sastra Indonésia, Biografi |
Panghargaan nu katelah |
|
Pasangan |
|
Anak |
|
Kulawarga | Aoh K. Hadimadja |
Haji Ramadhan Kartahadimadja atawa kasohor ku sebutan Ramadhan K.H nyaéta salah sahiji inohong Sunda nu karya-karyana euyeub pisan (gumelar di Bandung, 16 Maret 1927 – tilar dunya di Cape Town Afrika Kidul, 16 Maret 2006 dina umur 79 taun) .[1] Panulis, rédaktur kabudayaan, jeung novélis. Kungsi kuliah di ITB, tapi pindah ka ADLN.[1] Duanana ogé euweuh nu tamat.[1] Mimitina mah resep kana ngalukis, tuluy jadi wartawan nepi ka kungsi ngaluuhan olimpiadeu 1952 di Helsinki.[1] Buku munggaranana nyaéta Bola Keranjang (1952).[1] Kungsi diuleum ku Sticusa ka nagri Walanda.[1] Tuluy digawé di éta kantor bari keurseus basa Spanyol.[1] Alatan kairut ku sastra Spanyol utamana ku Federico Garcia Lorca.[1]