Mochamad Ridwan Kamil ᮙᮧᮎ᮪ᮠᮙᮓ᮪ ᮛᮤᮓ᮪ᮝᮔ᮪ ᮊᮙᮤᮜ᮪ | |
---|---|
![]() | |
Gubernur Jawa Kulon ka-15 | |
Incumbent | |
Awal jabatan 5 Séptémber 2018 | |
Présidén | Joko Widodo |
Wakil Gubernur | Uu Ruzhanul Ulum |
Saméméhna | Ahmad Héryawan Mochamad Iriawan (Pj.) |
Walikota Bandung ka-26 | |
Masa jabatan 16 Séptémber 2013 – 4 Séptémber 2018 | |
Présidén | Susilo Bambang Yudhoyono Joko Widodo |
Gubernur | Ahmad Héryawan |
Wakil | Odéd Muhammad Danial |
Saméméhna | Dada Rosada |
Sanggeusna | Odéd Muhammad Danial |
Katerangan lian | |
Gumelar | 4 Oktober 1971 Bandung, Jawa Kulon, Indonesia |
Kabangsaan | Indonesia |
Partéy pulitik | non-partisan[1] |
Pameget/istri | Atalia Praratya Jamil |
Rélasi | Atjé Misbach Muhjiddin (bapa) Tjutju Sukaesih (ibu) |
Murangkalih | Emmiril Khan Mumtadz (pupus) Camillia Laetitia Azzahra |
Alma mater | Institut Téknologi Bandung University of California, Berkeley |
Pagawéan | Arsiték, Politikus |
Ramatloka | www |
Mochamad Ridwan Kamil, S.T., M.U.D (leuwih dipikawanoh ku jujuluk Kang Émil; Aksara Sunda: ᮙᮧᮎ᮪ᮠᮙᮓ᮪ ᮛᮤᮓ᮪ᮝᮔ᮪ ᮊᮙᮤᮜ᮪, gumelar di Bandung, Jawa Barat, 4 Oktober 1971; umur 53 taun) nyaéta Gubernur Jawa Kulon période 2018 - 2023.[2][3] Saméméhna Émil téh saurang arsiték, politikus.[4] Émil mangrupa anak ti papasangan Dr. Atjé Misbach, S.H jeung Dra. Tjutju Sukaésih.[4] Istrina nyaéta Atalia Praratya sarta dipaparinan 2 anak nu ngaranna Camillia Laetitia Azzahra jeung Emmiril Khan Mumtadz.[4] Taun 2013 Émil dicalonkeun ku Partéy Kaadilan Sejahtera jeung Partéy Gerindra minangka walikota Bandung diréndéngkeun jeung Odéd Muhammad Danial minangka calon wakil walikotana.[5] Dina Rapat Pléno Komisi Pamilihan Umum Kota Bandung dina tanggal 28 Juni 2013, pasangan ieu punjul ti tujuh pasangan lianna ku sora 45,24% nepi ka pasangan Ridwan Kamil jeung Odéd Muhammad Danial ditetepkeun jadi pameunang dina Pamilihan Umum Wali Kota Bandung 2013.[6] Salila manéhna ngajabat jadi walikota Bandung, loba pisan kamajuan dina bidang pelayanan publik jeung sistem tata rohang.[7] Ku kituna, manéhna loba meunang pangajén ku lantaran kamajuan-kamajuan anu dihasilkeun ku manéhna.[7] Salah sahiji pangajén anu dimeunangkeun ku manéhna nyaéta Pangajén Kepala Daérah Teladan versi majalah Tempo 2017, manéhna kaabus salah sahiji tina 10 kepala daérah teladan.[8]