Romania

România
Romania
Bandéra Romania Lambang Romania
Lagu
Deşteaptă-te, române!
Location of Romania
Location of Romania
Lokasi  Romania  (héjo)

– di buana Éropa  (héjo ngora & kulawu kolot)
– di Uni Éropa  (héjo ngora)  —  [Legenda]

Ibu kotaBukares (Bucureşti)
44°25′N 26°06′E
Kota panggedéna Bukares
Basa resmi Romania
Grup étnis  89.5% Romania, 6.6% Hungaria, 2.5% Rom, 1.4% grup minoritas lianna
Pamaréntah Républik kahijian semi-présidénsial
 -  Présidén Klaus Iohannis
 -  Perdana Menteri Nicolae Ciuca
Ngadeg
 -  Transilvania Abad ka-10 
 -  Wallachia 1290 
 -  Moldavia 1346 
 -  Unifikasi kahiji 1599 
 -  Réunifikasi Wallachia jeung Moldavia 24 Januari 1859 
 -  Pangakuan kamerdékaan ti Kasultanan Utsmaniyah 13 Juli 1878 
 -  Unifikasi sareng Transilvania 1 Désémber 1918 
Asup ka
 Uni Éropa
1 Januari 2007
Aréa
 -  Total 238.391 km² (82)
92.043 mil² 
 -  Cai (%) 3
Populasi
 -  Perkiraan  2021 &&&&&&&019186201.&&&&&019.186.201[1] (61)
 -  Sénsus 2021 20,121,641[2] 
GDP (PPP) Perkiraan 2008
 -  Total $653.903 billion[3] (36)
 -  Per kapita $33,833[3] (44)
GDP (nominal) Perkiraan 2021
 -  Total $289.130 billion[3] (46)
 -  Per kapita $14,968[3] (56t)
Gini? (2020) 33.8 (handap) (21)
HDI (2019) 0.828 (luhur) (63)
Mata uang Leu (L) (RON)
Zona wanci EET (UTC+2)
 -  Usum panas (DST) EEST (UTC+3)
TLD Internét .ro .eu
Kode telepon +40

Romania (ogé diéja Rumania atawa Roumania; basa Romania: România) nyaéta nagara nu aya di Éropa Tenggara, di bagian kalér Samenanjung Balkan jeung tepung wates sareng Laut Hideung.[4] Méh sakabéh délta walungan Donau aya di wewengkon Romania. Nagara ieu tepung wates sareng Hungaria jeung Sérbia di kulon, Ukraina jeung Moldova di wétan-kalér, jeung Bulgaria di kidul.

Sajarah nyatetan yén bangsa Dacia, Kakaisaran Romawi, Kakaisaran Bulgaria, Karajaan Hungaria, jeung Kasultanan Utsmaniyah pernah ngawasaan wewengkon ieu. Salaku hiji nagara, Romania diwangun dina taun 1859 ti panghijian wewengkon Moldavia jeung Wallachia, nu miboga pangakuan internasional dina taun 1878. Dina taun 1918, Transilvania, Bukovina, jeung Bessarabia ngadéklarasikeun ngagabung sareng Romania. Dina ahir Perang Dunya II, Uni Soviét ngawasaan sabagian daérahna (kira-kira ngawengku sakabéh daérah Moldova ayeuna) jeung Romania minangka anggota Pakta Warsawa. Kalawan labuhna Tirai Beusi dina taun 1989, Romania ngamimitian réformasi politik jeung ékonomi. Dina ngalawan masalah ékonomi pasca-révolusi, nagara ieu maké pajak handap dina taun 2005 jeung ngagabung ka Uni Éropa dina 1 Januari 2007. Sanajan tingkat pamasukan Romania kaasup salah sahiji nu panghandapna di Uni Éropa, réformasi geus ningkatkeun kamekaran ékonomina. Romania kiwari kaasup nagara nu miboga pamasukan nengah ka luhur.

Romania mangrupa nagara kalawan téritori nu pangluasna ka-9 jeung jumlah padumuk nu panggedéna ka-7 di Uni Éropa.[5] Ibu kota jeung kota nu panggedéna nyaéta kota Bukares (basa Romania: Bucureşti), nu ogé mangrupa kota nu panggedéna ka-6 di Uni Éropa. Sibiu, hiji kota di Transilvania, dina taun 2007 kapilih minangka Ibu kota Kabudayaan Éropa.[6] Romania gabung ka NATO dina kaping 29 Maret 2004, jeung ogé mangrupa anggota ti Uni Latin, Francophonie, OSCE, jeung CPLP. Nagara ieu méangrupakeun nagara kahijian semi-présidénsial.

  1. "Populația rezidentă la 1 Ianuarie 2021" [The usually resident population on 1 January 2021] (PDF). Insse.ro (dalam Romanian). National Institute of Statistics. Diakses tanggal 3 December 2021.  Archived 14 Nopémber 2021 di Wayback Machine
  2. Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama CensusRef
  3. a b c d "World Economic Outlook Database, April 2021 Edition". IMF.org. International Monetary Fund. Diakses tanggal 3 December 2021.  Archived 7 April 2021 di Wayback Machine
  4. "North Atlantic Treaty Organization". NATO. Diakses tanggal 2008-08-31.  Archived 2017-05-25 di Wayback Machine
  5. Romanian Statistical Yearbook (PDF). Romanian National Institute of Statistics (2007). Retrieved on 2008-01-20.
  6. Report on the Nominations from Luxembourg and Romania for the European Capital of Culture 2007 (pdf). The Selection Panel for the European Capital of Culture (ECOC) 2007 (2004-04-05). Retrieved on 2008-08-31.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne