Ruth Sahanaya | |
---|---|
Gumelar | Ruth Sahanaya 1 Séptémber 1966 Bandung, Jawa Barat, Indonesia |
Kabangsaan | Indonesia |
Ngaran landian | Uthe |
Taun aktip | 1987 - ayeuna |
Situs web | |
http://www.ruthsahanaya.com/ |
Ruth Sahanaya gumelar di Bandung, 1 Séptémber 1966; umur 58 taun nyaéta saurang panyanyi asal Indonésia.[1]. Manéhna sok disebut Uthe,anu ngamimitian karirna dina musik ti mimiti taun 1987, basa album munggaranana dirilis[1]. Pamajikan aktor film Jeffrey Waworuntu éta dina karirna geus ngarilis welasan album nu matak najadikeun manéhna disebut diva pop Indonesia[1]. Album Uthe di antarana nyaéta Seputih Kasih 1987, Tak Kuduga 1989, Kaulah Segalanya 1992, Yang Terbaik 1994, ...Uthe! 1996, Berserah Kepada Yesus 1997, Kasih 1999 jeung Greatest Hits 2002[1]. Salaku Diva Pop, Uthe geus sababaraha kali nyieun konsér anu monuméntal[1]. Pintonanana anu bareng jeung Titi DJ ogé Krisdayanti anu formasina 3 Diva jadi salah sahiji konsér gedé, malah Uthe ogé duét jeung musisi internasional Keith Martin[1].
Pintonanana leuwih lengkep nalika minton bareng jeung Boyz II Men, Backstreet Boys, Black Eyed Peas, Lauryn Hill, Eric Benet jeung Wycleaf Jean tampil dina hiji panggung di konsér anu dibéré ngaran Force of Nature di Malaysia[1]. Budak katilu ti opat sadudulur ieu, bapana Alfares Edward Sahanaya jeung indungna Matheda David urang Ambon jeung Sangir Talaud ieu tileuleutik resep nyanyi malah saering jadi juara lomba nyanyi[2]. Karier nyanyina geus dimimitian nalika taun 1983, nalika ngiluan 5 lomba nyanyi, tina 5 éta 2 jadi juara 1 jeung anu 3 na deui jadi juara II[2].Sabada lulus ti sakola sekretaris di LPK St. Angela Bandung 1986, Uthe pindah ka Jakarta pikeun leuwih ngamekarkeun karirna[2].