Samudra Pasifik atawa Lautan Iuh (basa Spanyol: Pacifico, hartina tenang) nyaéta kumpulan cai pangbadagna di Marcapada[1]. Ieu ngawengku kira-kira sapertilu Marcapada, ku legana 179,7 juta km² (69,4 juta mi²)[1]. Panjangna kurang leuwih 15.500 km (9.600 mi) ti Laut Bering di Arktik nepi ka wates és di Laut Ross di Antartika di kulon[2]. Samudra Pasifik nepi lebar wétan-kulon[2]. Minangka Samudra palegana di dunya, parairan ieu ngawengku kurang leuwih sapertilu lakop marcapada[1]. Titik panglandeuhna ti Samudra Pasifik nyaéta di dasar Palung Mariana di Kapuloan Mariana ku jerona -10.924 méter[1]. Di sabudeur Samudra Pasifik loba gunung marapi antukna sok rajeun lini[1]. Teu saukur kitu, fénomena alam anu sok kajadian di laut ieu nyaéta badéy sarta angin puyuh[2]. Badéy ieu anu tuluy narajang pulo-pulo di sabudeur Samudra Pasifik[2]. Di tengah Samudra Pasifik aya gugusan kapuloan Polynésia, Mikronésia, jeung Mélanesia (kawasan ieu disebut Oceania)[2]. Posisi samudra Pasifik kacida penting pikeun séktor ékonomi jeung pulitik internasional[2]. Nagara-nagara di kawasan ieu kagolong miboga tingkat tumuwuhna ékonomi anu luhur sarta gancang[2]. Ku kituna diwangun forum gawébareng ékonomi nagara-nagara Pasifik (APEC)[2].