![]() | |
Karakteristik puteran (Epoch J2000) | |
---|---|
Sumbu Semi-mayor | 57.909.068 km (0,38709821 AU) |
'Kuriling puteran | ??? Tm ( ??? AU) |
Ékséntrisitas puteran | 0,205 30294 |
Perihelion | 46.001.210 km (0,30749909 AU) |
Aphelion | 69.816.927 km (0.46669733) |
Période Sinodik | 115.88 |
laju puteran rata-rata | 47,87 km/s |
Inklinasi | 7.005015818° (3,38° kana katulistiwa panonpoé) |
Sudut garis lintang ti titik naék | 348,739 36° |
Argumén périapsis | 114,207 83° |
Satelit alami | Heneuweuh |
Ciri-ciri fisik | |
Rata-rata radius | 2439,7 ± 1 km (0,3829 Bumi) |
Sensitivitas | <0.0006 |
Lega lemah | 7.48×107 km2 (0.108 Bumi) |
Volume | 6,083×1010 [[km3]] (0,054 Bumi) |
Massa | 5,9736×1024 kg |
Kapadetan | 5,427 g/cm³ |
Gravitasi katulistiwa | 3,7 m/s² (0,38 gee) |
Laju leupas | 4,25 km/s |
Poé sideris | 58 hari 15,5 jam |
Laju muter | 10,892 km/h = 465,11 m/s (di katulistiwa) |
Kemiringan Sumbu | 0,01° |
Kenaikan kanan dari kutub utara |
281,01° (18 j 44 men 2 s) |
Deklinasi | 61,45° |
Albedo | 0.119 |
suhu Permukaan - min - rata-rata - maks |
??? K ??? ??? K |
Kandungan udara | |
Saturnus (ᮞᮒᮥᮁᮔᮥᮞ᮪) atawa Juhal (ᮏᮥᮠᮜ᮪) atawa Tumpek (ᮒᮥᮙ᮪ᮕᮨᮊ᮪) nyaéta hiji planét anu perenahna di surya mandala di mana planét ieu kawentar minangka planét nu mibanda cingcin. Jarak Saturnus pohara jauh ti Panonpoé. Alatan éta pisan, Saturnus henteu pati caang katempo ti Bumi. Saturnus ngurilingan panonpoé dina waktu 29,46 taun. Saban 378 poé, Bumi, Saturnus, jeung Panonpoé baris aya dina hiji gurat lempeng. Sajaba muteran panonpoé, Saturnus ogé ngalakonan rotasi (muteran sumbuna sorangan) dina waktu anu pohara singket, nyaéta 13 jam 15 menit.
Saturnus mibanda karapetan anu leutik alatan lolobana zat nu nyusunna mangrupa gas sarta cacai. Inti Saturnus ditorah kawangun ku batuan nu padet. Atmosfir Saturnus kasusun ku gas amonia jeung métana. Hal ieu tangtu henteu ngamungkinkeun ayana kahirupan di Saturnus.
Cingcin (lélépén) Saturnus pohara unik. Aya rébuan lélépén anu ngalingkung planét ieu. Bahan nu ngabentuk lélépén ieu masih tacan kapaluruh. Para élmuwan boga pamadegan, yén lélépén éta mustahil dijieun ku lémpéngan nu padet alatan baris ancur ku gaya séntrifugal. Tapi, mustahil ogé dijieun ku zat nu éncér alatan gaya séntrifugal baris ngabalukarkeun timbulna lambak. Jadi, sajauh ieu, ditorah yén anu pangmungkinna nu nyusun lélépén éta téh gundukan-gundukan es météorit.
Nepi ka taun 2006, Saturnus dipikanyaho mibanda 56 satelit alami. Tujuh di antarana cukup badag. Maranéhanana nyaéta Mimas, Enceladus, Tethys, Dione, Rhea, Titan (Satelit pangbadagna kalayan ukuran leuwih badag ti planét Merkurius), sarta Iapetus.