Dina kamungkinan jeung statistik, sebaran-t atawa sebaran Student loba digunakeun keur nga-estimasi mean tina populasi nu kasebar sacara normal dina waktu ukuran sampelna leutik. Dasar nu kawentar Student's t-test nyaéta keur statistical significance tina dua sampel mean anu béda, sarta interval kapercayaan keur dua populasi méans anu béda.
Asal tiori ngeunaan sebaran-t mimiti dipublikasi dina taun 1908 ku William Sealey Gosset dina paper nu ditulis pseudonym Student. Tiori Tes-t sarta hal nu pakait leuwih dipikaharti dina tulisan-tulisan R.A. Fisher, nu nyebut ieu sebaran ku "Student's distribution".
Student's distribution loba digunakeun lamun (saperti digunakeun dina statistik praktis) populasi simpangan baku teu dipikanyaho sarta bakal di-estimasi tina data. Dina buku teksbook dijelaskeun yén simpangan baku lamun dipikanyaho aya dua tipe nyaet: (1) dina hal ukuran sampel kacida gedéna yén salah sahiji keur nganyahokeun simpangan baku tina data ku cara nga-estimasi varian lamun varian pasti, jeung (2) keur ngagambarkeun alesan sacara matematik, nu mana masalah estimasi simpangan baku kadangkadal "diabaikan" sabab lain mangrupa hal anu kudu dijelaskeun ku pangarang atawa instruktur.