Artikel ieu teu boga rujukan sumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi. Pitulung ngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener. Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus ku Kuncén. |
Sinyal analog nyaéta sinyal anu sinambung atawa kontinyu dina satiap waktu.
Sinyal analog ngagunakeun sababaraha sifat médium pikeun ngirimkeun informasi. Contona, barometer aneroid ngagunakeun sinyal gerakan jarum panunjuk akibat sifat ngariut jeung ngabeukahna médium sahiji cacai (basa Indonésia: cairan) akibat robahna tekenan udara. Sedengkeun dina widang kalistrikan (éléktrik), sifat médium anu paling umum digunakeun nyaéta parobahan voltase anu dituturkeun raket ku parobahan frékuénsi, parobahan arus, sarta parobahan muatan listrik.
Satiap informasi bisa dikirimkan ngaliwatan sahiji sinyal analog. Contona, dina ngirimkeun informasi ucapan kana rangkéan listrik, ucapan anu dihasilkeun ngakibatkeun parobahan-parobahan dina tekenan udara. Tekenan hawa keuna kana diafragma sahiji mikrofon anu nyababkeun fluktuasi voltase atawa arus dina rangkéan listrik. Voltase atawa arus dimaksud disebut salaku sahiji analog tina sora.
Lantaran sinambung, sinyal analog sacara téoritis miboga résolusi tanpa hingga, sinyal kasebut bakal salawasna miboga résolusi anu leuwih hadé dibanding sistem digital di mana résolusina diskrit (henteu sinambung). Dina praktékna, mangsa alat anu ngolah sistem analog leuwih kompléks, éfék-éfék saperti non-linéaritas jeung nois tungtungna ngaruksak résolusi sinyal analog sahingga panerapan sistem digital jadi leuwih alus. Dina alat anu leuwih kompléks kasebut, susah pikeun néangan (ngadetéksi) iraha jeung di mana lumangsungna karuksakan sinyal analog; tapi dina sistem digital, karuksakan sinyal lain waé bisa didetéksi, tapi ogé bisa dibenerkeun.