Artikel ieu ngajelaskeun sistem nulis dina Basa Jepang kiwari jeung sajarahna. Artikel ngeunaan basa Jepang bisa ditempo leuwih jelas di Basa Jepang.
Basa Jepang kiwari ngagunakeun tilu skrip utama nyaéta:
Basa Jepang bisa ogé ditulis maké tulisan Latin nu dina Basa Jepang disebutna rōmaji. Basa Jepang jarang ngagunakeun tulisan lain, iwal ti singgetan (ilahar dina istilah tehnik) nu jadi istilah umum (saperti CD jeung DVD).
Di handap ieu headline surat kabar nu ngagunakeun sakabéh skrip (tina Asahi Shimbun 19 April 2004) (kanji beureum, hiragana biru, katakana hejo, rōmaji jeung angka Arab hideung):
Di handap sababaraha conto kecap nu ditulis dina Basa Jepang:
Kanji | Hiragana | Katakana | Rōmaji | Sunda |
---|---|---|---|---|
私 | わたし | ワタシ | watashi | kuring |
金魚 | きんぎょ | キンギョ | kingyo | lauk emas |
煙草 | たばこ | タバコ | tabako | rokok |
Gabungan (susunan kecap) dina Basa Jepang leuwih dumasar kana kana tinimbang kanji, nu nunjukkeun cara maca éta kecap. Kana disusun maké dua cara susunan nyaéta, susunan anyar gojūon (lima puluh - sora), atawa susunan-heubeul iroha. Kamus karakter Basa Cina ogé dipaké keur gabungan sistim radikal.