Situ atawa talaga téh nyaéta cai ngaplak di hiji tempat anu lega balukar tina leburna gletser atawa ceuyahna cinyusu (mata air).[1] Lolobana situ di dunya téh eusina cai tawar jeung ngampar di beulahan bumi béh kalér dina latitude nu leuwih luhur. Dina ékologi, lingkungan situ disebut lacustrine. Situ gedé kadang-kadang disebut "sagara di daratan", sabalikna sagara leutik sakapeung sok disebut situ. Istilah situ ogé digunakeun keur nerangkeun fitur saperti Situ Eyre nu mangrupa léngkob garing nu kaeusian cai alatan usum hujan nu ngagebrét. [2] Di dunya nagara Finlandia katelah "nagara sarebu situ" jeung Minnesota katelah "wilayah sapuluh rebu situ".