Soto Jepara (soto bungbu) nyaéta soto anu dijieun kalawan mibanda ciri anu mandiri ti kota Jepara.[1] Sarérétan mah ieu soto sarua baé jeung soto hayam séjéna, pédah dina rasa kuah atawa cai kaldu leuwih gurih tibatan soto hayam anu lian.[2] Ogé dina bungbu anu digunakeun, daging sapi atawa jeroan diasakan henteu maké cipati.[2] Soto Jepara ogé dijual di warung-warung soto anu perenahna di Jepara, utamana di daérah Tahunan jeung Mayong.[2]