Soto Padang nyaéta soto anu dijieun kalawan mibanda ciri anu mandiri ti kota Padang.[1][2][3]
Ciri mandirina taya lian, bahan dasarna tina daging sapi anu digoréng nepika garing.[1][4] Ieu daging sapi saméméhna dikulub heula nepika asak, kakara di siksikan laleutik sangkan gampang ngahuapkeuna.[5] Campuran séjéna, bihun, parkedél kentang.[1] Ogé hayam beunang ngulub téh digoréng deui nepika garing, kakara di suir-suir atawa dipipitan sangkan gampang nyayagikeunna.[1][4]
Sarua jeung soto séjéna, Soto Padang ogé dikonsumsi mangsa kuahna masih kénéh haneut hareuyheuy.[1] Sanajan asalna ti kota Padang, tapi kiwari soto Padang ogé geus loba dijual di saluareun kota Padang utamana di réstoran Padang.[1][5]
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama Tim
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama masakan