Soto Sokaraja

Soto Sokaraja


Soto Sokaraja; sroto Sokaraja nyaéta soto anu dijieun kalawan mibanda ciri anu mandiri ti kota Sokaraja, Banyumas, Jawa Tengah.[1][2] Sarérét mah ieu soto sarua baé kawas soto hayam séjéna, pédah dina rasana béda tinu lian alatan maké campuran sambél suuk tur didaharna maké kupat.[1][3]

Ogé dina bahan dasar anu digunakeun, soto Sokaraja mah diwuwuh ku daun Engkol beunang nyiksikan.[1] Kitu deui hayam beunang ngulub téh dina soto Sokaraja mah digoréng deui nepika garing, kakara di suir-suir atawa dipipitan sangkan gampang nyayagikeunna.[1][3] Soto Sokaraja anu bahanna tina daging sapi, sok ngahaja milih dagingna téh anu loba gajihna/lemak sangkan leuwih gurih jeung seungit kuahna.[1] Sanajan asalna ti kota Banyumas, kiwari soto Sokaraja ogé geus loba dijual di saluareun kota Banyumas.[1]

  1. a b c d e f Yuyun Alamsyah; "Bangkitnya Bisnis Kuliner Tradisional", Jakarta: PT Elex Media Komputindo, 2008, hal.78.
  2. Boga, yasa (2005). Sop & soto: segar, sedap dan mantap. Jakarta: Gramedia Pustaka Utama. p. 80. ISBN 9789792217162. 
  3. a b Salah ngutip: Tag <ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernama masakan

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne