Stasion Cianjur
| |
---|---|
| |
![]() Stasion Cianjur, 2020 | |
Lokasi | Jl. Yulius Usman Sayang, Cianjur, Cianjur, Jawa Kulon, 43213 Indonésia |
Luhur | +438,756 m |
Operator | Daérah Operasi II Bandung |
Letak ti pangkal | km 95+774 lintas Bogor–Bandung– Banjar–Kutoarjo–Yogyakarta[1] |
Jumlah péron | 3 |
Jumlah jalur | 3 |
Informasi lain | |
Klasifikasi | II[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 20 Méi 1883 |
Layanan | |
Karéta api Siliwangi | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Mékanik |
Lokasi dina peta |
Stasion Cianjur (CJ) nyaéta hiji stasion karéta api anu perenahna di Jalan Yulius Usman, Sayang, Cianjur, Cianjur. Stasion anu luhurna +438,756 méter ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi II Bandung. Stasion Cianjur aya di km 95+775 sarta mangrupa stasion kalawan kapadetan panumpang nu panglobana dina Jalur Cianjur-Padalarang.[3]
Sabada geus lila teu aktip, kiwari jalur karéta api Cianjur-Padalarang eukeur diaktipkeun deui, rél-rél anu tiheula diganti ku rél anu anyar lantaran rél nu baheula geus kolot sarta teu bisa nahan beban anu beurat teuing. Kira-kira prosés réaktivasi ieu bisa bérés ahir 2019 atawa awal 2020.[4] Dina taun 2019, jalur Cianjur-Ciranjang geus aktip, sarta di tanggal 21 Séptémber 2020, jalur Ciranjang-Cipatat resmi beroperasi ditandaan ku dipanjanganna ruteu KA Siliwangi jadi ka Cipatat.[5]