Stasion Gambir
| |
---|---|
| |
![]() Stasion Gambir ditempo ti hareup | |
Lokasi | Jalan Médan Merdéka Wétan No. 1 Gambir, Gambir, Jakarta Pusat, DKI Jakarta, 10110 Indonésia |
Koordinat | Citakan:Country abbreviation 6°10′36″S 106°49′50″E / 6.176716°S 106.830508°EKoordinat: Citakan:Country abbreviation 6°10′36″S 106°49′50″E / 6.176716°S 106.830508°E |
Luhur | +16 m |
Operator | Daérah Operasi I Jakarta |
Letak ti pangkal | km 5+540 lintas Jakarta Kota-Manggarai-Bogor[1] |
Jumlah péron | Dua péron pulo antara jalur 1 jeung 2 sarta antara jalur 3 jeung 4 anu sarua jangkungna |
Jumlah jalur | 4 (jalur 2 jeung 3: sepur lempeng) |
Informasi lain | |
Klasifikasi | Badag tipeu A[2] |
Sejarah | |
Dibuka | 1884 |
Diwangun deui | 1992 |
Ngaran saméméhna | Station Koningsplein/Weltevreden |
Layanan | |
Argo Wilis, Argo Bromo Anggrék, Argo Lawu (régulér & fakultatif), Argo Dwipangga (régulér & fakultatif), Argo Sindoro (régulér & fakultatif), Argo Muria (régulér & fakultatif), Argo Cheribon, Argo Parahyangan (régulér & fakultatif), Gajayana (régulér & fakultatif), Bima, Turangga, Sembrani (régulér, fakultatif, & tambahan), Taksaka (régulér & fakultatif), Bangunkarta, Purwojaya (régulér & fakultatif), Mutiara Selatan, sarta Pangandaran | |
Fasilitas jeung téknis | |
Tipeu pasinyalan | Éléktrik tipeu Siemens Solid State Interlocking[3] |
Pamesenan tikét | Sistem tikét online; ngalayanan pamesenan langsung sarta parobahan/ngabolaykeun kaberangkatan di lokét. Aya fasilitas ala bandara mangrupa chéck-in mandiri pikeun nyitak boarding pass. |
Lokasi dina peta |
Stasion Gambir (GMR) (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮌᮙ᮪ᮘᮤᮁ) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di Gambir, Gambir, Jakarta Pusat, pasna di wétaneun Monumén Nasional (Monas) sarta kahubung jeung aksés jalan ka Monas. Stasion ieu dirénovasi pas dasawarsa 1930-an kalawan ngaran Stasion Koningsplein sarta dirénovasi gedé-gedéan jadi stasion jalur layang di taun 1990-an. Stasion anuaya dina tingkat kaluhuran +16 méter ieu kaasup ka Daérah Operasi I Jakarta. Stasion ieu boga opat jalur karéta api kalawan jalur 2 jeung jalur 3 anu jadi sepur lurusna.
Stasion ieu ngalayanan karéta api kelas éksekutip sarta sawaréh kelas campuran (KA Argo Parahyangan, KA Argo Cheribon, KA Mutiara Selatan, KA Purwojaya Fakultatif, sarta KA Pangandaran) jurusan kota-kota penting jeung utama di Pulo Jawa. KRL Commuter Line henteu eureun ngalayanan panumpang di ieu stasion ti saprak patengahan taun 2012[4]; sedangkeun pikeun karéta api kelas ékonomi, kelas bisnis, sawaréhna deui kelas campuran, sarta sawaréh lalampahan KRL dilayanan di Stasion Pasar Senén. Di Stasion Gambir sayaga layanan beus DAMRI anu salah sahiji ruteuna ka Bandara Soekarno-Hatta.