Stasion Jatinegara
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
![]() Stasion Jatinegara taun 2007 | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Lokasi | Jalan Raya Bekasi Barat Pisangan Baru, Matraman, Jakarta Timur, DKI Jakarta, 13110 Indonésia | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Luhur | +16 m | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Operator | Daérah Operasi I Jakarta | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Letak ti pangkal | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Jumlah péron | Hiji péron sisi anu maké tangga jeung tilu péron pulo anu sarua jangkung | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Jumlah jalur | 7 (jalur 1 jeung 2: jalur lurus) | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Konstruksi | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Arsiték | Ir. S. Snuyf | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Gaya arsitéktur | Nieuwe Indische Bouwstijl | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Informasi lain | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Klasifikasi | Badag tipeu A[2] | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Sejarah | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Dibuka | 1910 | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Ngaran saméméhna | Meester Cornelis S.S. | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Operasi layanan | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
| |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Layanan | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Sakabéh karéta api panumpang anu datang di arah wétan Jakarta jeung KRL Commuter Line | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Fasilitas jeung téknis | |||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Tipeu pasinyalan | Éléktrik tipeu Kyosan K5B[3] | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Pamesenan tikét | Sistem tikét online, boarding pass ngan dilayanan nalika kaayaan darurat, jeung ngalayanan kartu single trip/multi trip Commuter Line. | ||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||||
Lokasi dina peta |
Stasion Jatinegara (JNG) (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮏᮒᮤᮔᮨᮌᮛ) nyaéta stasion karéta api kelas badag tipeu A anu perenahna di wates antara Jatinegara jeung Matraman, pasna di Kalurahan Pisangan Baru, Matraman, Jakarta Timur. Stasion anu aya di tingkat kaluhuran +16 méter ieu kaasup ka Daérah Operasi I Jakarta. Stasion ieu jadi titik hubung tilu jalur, nyaéta jalur ka Pasar Senén, jalur ka Manggarai, jeung jalur ka Bekasi anu unggal poé na diliwatan ku ratusan karéta api. Stasion ieu miboga lima jalur karéta api kalawan jalur 1 jeung 2 minangka jalur lurus ditambah hiji jalur anu kahubung jeung dipo lokomotip anu aya di beulah kulon ieu stasion.
Salaku stasion panghubung ka luar Jakarta, stasion ieu diliwatan ku sakabéh KA ka kota-kota di Pulo Jawa. Kiwari ampir kabéh KA jarak jauh jeung manengah anu datang ka Jakarta eureun pikeun nurunkeun panumpang di stasion ieu, iwal ti KA anu rangkéanna panjang (KA Gumarang, KA Kertajaya, jeung KA Tawang Jaya) lantaran rangkéanna teu katampung ku péron stasion ieu, ditambah KA Pangandaran ruteu Banjar-Bandung-Gambir pp sarta KA Lokal Cilamaya/Walahar jeung Lokal Jatiluhur. Sedengkeun, pikeun arah sabalikna euweuh KA jarak jauh jeung manengah anu eureun pikeun naékkeun panumpang, iwal ti lamun aksés jalan ka Stasion Gambir atawa Stasion Pasar Senén kaganggu.