Stasion Lempuyangan
| |
---|---|
| |
![]() Stasion Lempuyangan, 2019 | |
Lokasi | Jalan Stasiun Lempuyangan , Danurejan, Yogyakarta, Daérah Istiméwa Yogyakarta, 55224 Indonésia |
Luhur | +114 m |
Operator | Daérah Operasi VI Yogyakarta |
Sejarah | |
Dibuka | 2 Maret 1872 |
Lokasi dina peta |
Stasion Lempuyangan (Aksara Sunda: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮜᮨᮙ᮪ᮕᮥᮚᮍᮔ᮪ atawa Basa Jawa: ꦱꦼꦠꦱꦶꦪꦸꦤ꧀ꦊꦩ꧀ꦥꦸꦪꦁꦔꦤ꧀ , Sêtasiyun Lêmpuyangan) (kodeu: LPN, +114 m) nyaéta stasion karéta api anu perenahna di Kota Yogyakarta, Daérah Istiméwa Yogyakarta, berjarak ±1 km di wétanneun Stasion Yogyakarta, stasion utama di kota ieu.[1]
Stasiun anu didirikeun ti tanggal 2 Maret 1872 ieu téh ngalayanan karéta api ékonomi anu ngaliwatan Yogyakarta, sedengkeun pikeun karéta api éksekutip jeung bisnis dilayanan di Stasion Yogyakarta.[1]
Stasiun ieu ogé ngalayanan Karéta api Prambanan Éksprés jurusan Kutoarjo-Yogyakarta-Solo Balapan.[1]
Di deukeut stasion ieu aya rél ka Balai Yasa Yogyakarta, béngkél KA panggedéna di Pulo Jawa.[2] Rél antara Stasion Lempuyangan jeung Balai Yasa Yogyakarta mangrupa jalur nu unik, lantaran nembus imah-imah masarakat sarta ngahiji jeung gang-gang.[2]