Stasion Cibatu

Stasion Cibatu

  • Singgetan: CB
  • Nomor: 1613
Stasion Cibatu ditempo ti hareup
LokasiCibatu, Cibatu, Garut, Jawa Kulon, 44185
Indonésia
KoordinatCitakan:Country abbreviation 7°06′00″S 107°58′46″E / 7.100115°S 107.979467°E / -7.100115; 107.979467Koordinat: Citakan:Country abbreviation 7°06′00″S 107°58′46″E / 7.100115°S 107.979467°E / -7.100115; 107.979467
Luhur+612 m
OperatorDaérah Operasi II Bandung
Letak ti pangkalkm 213+631 lintas BogorBandung
BanjarKutoarjoYogyakarta[1]
Jumlah péron4
Jumlah jalur4
Informasi lain
KlasifikasiII[2]
Sejarah
Dibuka1889
Layanan
Pangandaran, Kahuripan, Pasundan, Serayu Pagi, Galunggung, Lokal Bandung Raya (Cibatu - Padalarang), jeung Lokal Cibatu
Fasilitas jeung téknis
Tipeu pasinyalanMékanik
Pamesenan tikétSistem tikét onlén, ngalayanan pamesenan langsung di lokét.
Aya fasilitas ala bandara mangrupa check-in mandiri pikeun nyitak boarding pass.
Lokasi dina peta
Stasion Cibatu, 2018

Stasion Cibatu (CB) nyaéta stasion karéta api kelas II anu perenahna di Cibatu, Cibatu, Garut. Stasion ieu dilayanan ku karéta api kelas ékonomi jeung karéta api lokal di antarana karéta api lokal Cibatu-Padalarang jeung Karéta api lokal Cibatu.

Stasion ieu boga opat jalur, jalur dua minangka jalur lurus. Baheula stasion ieu kaasup stasion anu gedé, lantaran boga turntable, dipo lokomotip, sarta ti stasion ieu aya jalur percabangan ka Garut jeung Cikajang.

Di jaman Kolonial Walanda, stasion ieu sok ramé. Di hareup stasion sok ngajajar taksi-taksi milik hotél-hotél di Garut anu siap nganteur panumpang ka tempat wisata di Garut. Malahan taun 1927, komédian légéndaris Charlie Chaplin pernah nganjang ka stasion ieu, pas manéhna liburan di Garut.

Taun 1983, pas jalur Cibatu - Garut - Cikajang ditutup, dipo lokomotip stasion Cibatu robah fungsi jadi subdipo.

  1. Subdit Jalan Rel dan Jembatan (2004). Buku Jarak Antarstasiun dan Perhentian. Bandung: PT Kereta Api (Persero). 
  2. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne