Stasion Solo Balapan

Stasion Solo Balapan

  • Singgetan: SLO
  • Nomor: 3130
Stasion Solo Balapan katempo ti hareup
LokasiJalan Wolter Monginsidi 112
Kestalan, Banjarsari, Surakarta, Jawa Tengah,
Indonésia
Luhur+93 m
OperatorDaérah Operasi VI Yogyakarta
Informasi lain
KlasifikasiBadag tipeu A[1]
Sejarah
Dibuka1873
Layanan
Tingali di handap
Lokasi dina peta
Karéta api Prambanan Éksprés di Stasion Solo Balapan. 2003

Stasion Solo Balapan (Aksara Sunda Baku: ᮞ᮪ᮒᮞᮤᮇᮔ᮪ ᮞᮧᮜᮧ ᮘᮜᮕᮔ᮪; Basa Jawa: ꦱꦼꦠꦱꦶꦪꦸꦤ꧀‌ꦯꦭꦧꦭꦥ꧀ꦥꦤ꧀ , Sêtasiyun Sala Balapan) nyaéta stasion karéta api anu perenahna di Gilingan, Banjarsari, Surakarta.[2] Stasion ieu mangrupa stasion panggedéna di Surakarta jeung di Jawa Tengah.[2] Stasion ieu ngalayanan karéta kelas éksekutip jeung bisnis, sedengkeun pikeun karéta api ékonomi dilayanan di Stasion Purwosari.[2] Stasion ieu dioperasikeun ku Daérah Operasi VI Yogyakarta.[2] Stasion ieu jadi inspirasi pikeun judul lagu congdut anu diciptakeun ku Didi Kempot, nyaéta Stasiun Balapan[2]

Stasion ieu dibagi jadi 2 émplasemén, nyaéta émplasemen kalér jeung kidul.[2] Émplasemen kalér anu boga 7 jalur dihususkeun pikeun karéta angkutan semén jeung tempat parkir pikeun Karéta api Argo Lawu, Karéta api Argo Dwipangga, Karéta api Senja Utama Solo, jeung Karéta api Lodaya.[2] Sedengkeun émplasemen kidul anu boga 5 jalur mah dipaké pikeun kadatangan jeung kaberangkatan karéta panumpang.[2]

  1. Buku Informasi Direktorat Jenderal Perkeretaapian 2014 (PDF). Jakarta: Direktorat Jenderal Perkeretaapian, Kementerian Perhubungan Indonesia. 
  2. a b c d e f g h Informasi stasiun Solo Balapan (id) diakses tanggal 4 Maret 2016

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne