Soekarno | |
---|---|
![]() | |
Gumelar | 6 Juni 1901 Surabaya, Jawa Wétan, Indonesia |
Tilar dunya | 21 Juni 1970 Jakarta, Indonesia |
Pasaréan | Blitar, Jawa Wetan, Indonesia |
Saenggeusna | Soeharto |
Partéy pulitik | Partéy Nasional Indonésia |
Pasangan | Oetari (1922 - 1923) Inggit Garnasih (1923 - 1943) Fatmawati (1943 - 1956) |
Anak | Dari Fatmawati Soekarnoputri * Guntur Soekarnoputra * Megawati Soekarnoputri * Rachmawati Soekarnoputri |
Soekarno (gumelar di Surabaya[1][2][3][4], Jawa Wétan, 6 Juni 1901 – tilar dunya di Jakarta, 21 Juni 1970 dina umur 69 taun)[5] nyaéta Presiden Indonesia ka hiji. Anjeunna anu mroklamirkeun Indonésia merdéka ti pangjajah Walanda sarta jadi présidén ti taun 1945 nepi ka 1967, jadi présidén sanggeus hasil dina transisi nu ngagalura di Indonésia pikeun merdéka. Sukarno lengser ku kakuatan salah sahiji jendralna, Soeharto, nu jadi présidén saprak Maret 1967.
Soekarno ku média massa Kulon (Éropa sarta Amérika) ogé biasa disebut Ahmad Sukarno atawa Soekarno. Sedengkeun masarakat Indonésia nyebut ngaranna Bung Karno.