Sumbu semi-mayor

Sumbu semi-mayor hiji élip

Sumbu mayor hiji élip nyaéta diaméter pangpanjangna, nyaéta gurst garat anu nganceng ngaliwatan puseur sarta kadua fokusna, ieu gurat ahirna dina pangrubakna titik éta banda. Sumbu semi-mayor gedéna hiji satengah sumbu mayor, jeung nganceng ti puseur, ngaliwatan fokus, nepi ka sisian élips; singgetna mah, sumbu semi-mayor nyaéta ukuran radius hiji orbit nu dicokot dina dua titik pangjauhna éta orbit. Di lingkaran, sumbu semi-mayorna nyaéta radius lingkaran. Sumbu semi-mayor bisa ogé dianggap minangka radius panjang élips.

Panjang sumbu semi-mayor a hiji élips patalian jeung panjang sumbu semi-minor b ngaliwatan ékséntrisitas e jeung rektum semi-latus , siga kieu:

Sumbu semi-mayor hiperbola nyaéta, gumantung konvénsina, ditambah atawa dikurang hiji satengah jarak antara dua cagakna. Hasilna nyaéta jarak ti puseur ka vértéks (titik balik) hiperbola.

Hiji parabola bisa dibeunangkeun minangka limit urutan élips nalika hiji fokus jadi tetep sedengkeun nu lianna dimumkinkeun bagerak ngajauhan dina saarah, sahingga tetep. Hasilna jeung cumondong teu kawates, a leuwih gancang batan b.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne