Surabi | |
---|---|
![]() | |
Tipeu | Panekuk |
Tempat asal | Indonésia |
Bahan utama | Tipung béas, cipati, kalapa parud |
![]() ![]() |
Surabi atawa sorabi (basa Indonésia: serabi) nyaéta olahan tina tipung béas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun maké suluh.[1] Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom. Biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun.[1] Aya ogé anu dicampur jeung gula beureum maké santen. Samalah kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa rasana, saperti kéju, strobéri, coklat, jeung sajabana ti éta, sok sanajan, cara nyieunna mah sarua baé.[2][3]