Suwarsih Djojopuspito | |
---|---|
![]() | |
Gumelar | 20 April 1912 Cibatok, Bogor |
Tilar dunya | 24 Agustus 1977 Yogyakarta |
Étnis | Sunda |
Pagawéan | Pangarang novél |
Karya nu katelah | Buiten Het Gareel atawa Manusia Bebas |
Pasangan | Sugondo Djojopuspito |
Suwarsih Djojopuspito (éjaan Van Ophuijsen: Soewarsih Djojopoespito; 20 April 1912 – 24 Agustus 1977)[1] nyaéta sastrawan wanoja sakaligus tokoh nasionalis Indonesia nu asalna ti suku Sunda. Anjeunna nulis novél dina 3 bahasa, nyaéta basa Sunda, basa Walanda, dan basa Indonésia.[2]
Suwarsih seueur nulis novél nu ngagambarkeun kaayaan rakyat pribumi kusabab hirup jeung berkarya pas zaman penjajahan Walanda. Anjeunna mangrupa pangarang novel réalis, nu sacara terang-terangan nyuarakeun kritik ka pamaréntah kolonial Walanda ku mertélakeun nasib rakyat nu dibungkem jeung sabagaina. Karya Suwarsih nu paling kasohor jeung dianggap paling monumental dina masana nyaéta Buiten Het Gareel atau Manusia Bebas.[3]