Citakan:Ou
Citakan:Good article
Citakan:Evolutionary biology
In biology, taxonomy (Citakan:Ety)
Taksonomi (biologi) nyaéta élmu pangaweruh dina widang ngaran-ngaran ilmiah. Ngartikeun, netepkeun/(circumscribing) jeung ngaklasifikasikeun golongan biologis organismeu dumasar kana ciri anu katémbong. Organismeu digolongkeun kana taxa (tunggal: taxon) sarta grup ieu dibéré, “hiji réngking taksonomi; grup tina pangkat nu tangtu bisa dikumpulkeun pikeun ngabentuk grup anu undakanna leuwih luhur sarta inklusif, sahingga nyiptakeun rundayan/hirarki taksonomi. Rundayan poko dina pamakéan modérn nyaéta domain, karajaan, phylum (division dina botani sakapeung dipaké gaganti phylum), kelas, order, kulawarga, genus, jeung spéciés.
Ahli botani Swédia Carl Linnaeus dianggap salaku anu mitembeyan dina ngadegkeun sistem taksonomi nu aya kiwari, sakumaha anjeunna ngembangkeun sistem réngking nu katelah Linnaean taxonomy pikeun ngategorikeun organismeu jeung binomial nomenclature tatangaran organismeu.
Ayana kamajuan dina téori, data sareng téknologi analitik sistematika biologis, sistem Linnaéan geus robah jadi sistem klasifikasi biologis modérn dimaksudkeun pikeun ngagambarkeun évolusi hubungan antara organismeu, boh nu hirup boh geus tumpur.