Taman Alam Lubini nyaéta salah sahiji tempat wisata rohani, anu aya di Indonésia, nyaéta di Sumatra Utara. Taman Alam Lubini, nyaéta tempat wisata anu wangunna Pagoda, kaéndahanana dilengkepan ku tiisna hawa Tanah Karo. Ti saprak dibuka dina tau 2010 Taman Alam Lubini, kiwari jadi déstinasi wisata Brastagi anu kakoncara.[1] Pagoda anu aya di Taman Alam Lubini mangrupa Pagoda warna emas agréng jeung méwah, sarta jadi pagoda anu pangjangkungna di Indonésia, kalayan geus kacatet di Museum Rekor Muri Indonésia. Dina jero Pagoda bagian tengah, aya opat rupang Buddha ukuran sedeng kalayan nyanghareup ka opat juru rohangan, anu tengah-tengahna dijadikeun tempat ibadah pikeun anu daratang ka dinya. Di Taman Alam Lubini, aya aturan pikeun tamu, nyaéta teu meunang motrét ngagunakeun HP jeung teu meunang barangdahar di jero Pagodana. Taman Alam Lubini nyimpen kurang leuwih 2.958 rupang Buddha, 30 rupang Arahat jeung 108 relik suci sarta gegedéna dicokot langsung ti Myanmar, kaasup pucak Pagonana , anu jangkungna 46, 8 meter dina luhureun stupa.[2] Legana Taman Alam Lubini téh kira-kira tilu héktar, kalayan disuguhan ku rupa-rupa kaéndahan alam jeung ornamén-ornamén Buddha, sarta nu matak leuwih ngirutna aya réplika pagoda anu ceplés jeung pagoda anu di Myanmar sarta jadi répliika ka dua panggedéna sa-Asia Tenggara.[3]