Televisi (di Indonésia 'televisi' sacara teu resmi disebut TV, tivi, tévé atawa tipi), nyaéta hiji alat keur nangkep siaran nu aya gambaran. Kecap televisi asalna tina kecap tele jeung vision; nu hartina masing-masing nyaéta jauh (tele) jeung katempo (vision). Jadi televisi hartina katempo ti jarak nu jauh. Pamanggihan televisi disajajarkeun jeung pinanggihna roda, sabab kapanggihna televisi ieu bisa ngarobah peradaban dunya.