![]() Rumus rangka L-triptopan
| |||
| |||
Wasta | |||
---|---|---|---|
Wasta IUPAC
Tryptophan
| |||
Wasta IUPAC sistematik
asam (2S)-2-amino-3-(1H-indol-3-yl)propanoat | |||
Wasta lian
Asam 2-amino-3-(1H-indol-3-il)propanoat
| |||
Pananda | |||
Modél 3D (JSmol)
|
|||
ChEBI | |||
ChEMBL | |||
ChemSpider | |||
DrugBank | |||
ECHA InfoCard | 100.000.723 | ||
KEGG | |||
PubChem CID
|
|||
UNII | |||
CompTox Dashboard (EPA)
|
|||
| |||
| |||
Sipat | |||
C11H12N2O2 | |||
Massa molar | 204229 g·mol−1 | ||
Leyur: 0.23 g/L at 0 °C, 11.4 g/L at 25 °C, | |||
Solubilitas | Leyur dina alkohol panas, hidroksida alkali; teu leyur dina kloroform. | ||
Kaasaman (pKa) | 2.38 (karboksil), 9.39 (amino)[2] | ||
-132.0·10−6 cm3/mol | |||
Farmakologi | |||
N06AX02 (WHO) | |||
Iwal disebutkeun séjén, data nu dipidangkeun keur matéri dina kaayaan baku (dina 25 °C, 100 kPa). | |||
Rujukan kotak info | |||
Triptopan (lambangna Trp atawa W)[3] nyaéta asam α-amino anu dipaké dina biosintésis protéin. Triptopan ngandung hiji gugus α-amino, hiji gugus asam α-karboksilat, jeung hiji ranté gigir indol, ku kituna jadi molekul polar anu boga substituén karbon béta aromatik non-polar. Triptopan kaasup ésénsial pikeun manusa, anu hartina teu bisa disintésis/dijieun ku awak sorangan, kudu diala tina dahareun. Triptopan ogé mangrupa prékursor neurotransmiter serotonin, hormon mélatonin, jeung vitamin B3.[4] Triptopan dikode ku kodon UGG.
Sakumaha asam amino lianna, triptopan ogé zwitterion dina pH pisiologis anu gugus aminona kaprotonan (–NH+3; pKa = 9,39), anapon asam karboksilatna henteu ( –COO−; pKa = 2,38).[5]