Tropis nyaéta daérah atawa wewengkon anu pernahna aya dipalebah/sabudeureun khatulistiwa [1] disebut ogé garis isotherm cidekna bisa waé beulah kidul atawa kalér,[2] daérah anu mibanda iklim tropis bisa waé dina palebah guratan 23,5 darajat lintang kidul jeung 23,5 darajat lintang kalér[2]. Tropis asal kecap tina basa Yunani "tropicos" anu hartina garis balik, maksudna garis/gurat anu pernahna 23,27 darajat kidul jeung kalereun bumi[3].