Vidi Aldiano


Vidi Aldiano

Vidi Aldiano (ngaran lahir: Oxavia Aldiano; gumelar di Jakarta, 29 Maret 1990; umur 34 taun) nyaéta saurang panyanyi Indonésia.[1] Vidi geus ngaluarkeun album anu dijudulan Pelangi di Malam Hari, Lelaki Pilihan sarta Yang Kedua.[1] Vidi ogé kungsi ngiluan féstival Java Jazz 2005.[1] Vidi ogé nembangkeun sawatara lagu daur ulang dijudulan Cinta Jangan Kau Pergi anu kungsi dipopulerkeun ku Sheila Madjid sarta Nuansa Beuning anu dipopulerkeun ku Keenan Nasution.[1] Vidi Aldiano dipercaya ku Susilo Bambang Yudhoyono pikeun mawakeun lagu ciptaanna anu dijudulan Jiwaku Terang Di Malam Itu.[1] Vidi Aldiano ngabogaan fans club ngaranna VIDIES.[1] fans club ieu ngabogaan anggota leuwih ti 1000 jelema ti sakumna Indonésia, Malaysia, Singapora, Brunei sarta sawatara urang Indonésia anu sumebar di nagara-nagara séjén kawas Australia, Arab Saudi, dll. Vidi Aldiano pohara ngaaprésiasikeun kabéh anu dilakukeun VIDIES pikeun manéhna.[2]

  1. a b c d e f (id)Profil Archived 2011-10-23 di Wayback Machine(diakses tanggal 18 november 2011)
  2. (id)[1] Archived 2012-03-23 di Wayback Machine(diakses tanggal 20 november 2011)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne