Vitamin hartina molekul organik nu diperlukeun ku mahluk hirup dina jumlah anu saeutik sangkan bisa séhat. Organisme nu kakurangan vitamin bakal katarajang kasakit nu gejalana spésifik pikeun éta vitamin. Vitamin bisa digolongkeun dumasar kaleyuranana dina cai atawa dina lemak.
Sacara umum, hiji organisme kudu ngala vitamin atawa prékursor métabolikna ti luareun awak, utamana dina dahareun. Conto vitamin nu diturunkeun tina prékursor dina jero awak nyaéta vitamin A, nu bisa dijieun tina béta karotén; niasin tina asam amino triptopan; sarta vitamin D tina poncorong sinar ultrabungur kana kulit.
Istilah vitamin teu ngawengku zat gizi ésénsial lianna samodél mineral, asam lemak ésénsial, atawa asam amino ésénsial, sarta henteu ogé rupa-rupa kadaharan nu dituang dina jumlah anu loba. Kecap vitamine munggaran diwanohkeun ku biokimiawan Polandia, Casimir Funk, taun 1912. Vita dina basa Latin hartina hirup, sedengkeun ahiran -amine pikeun amina; harita mah sakabéh vitamin téh disangka kaasup golongan amina.