Walirang mangrupa unsur kimia nu dina tabel periodik lambangna S (sulfur) jeung nomer atom 16.[1] Walirang Nonlogam multivalén nu jumlahna di alam kawilang loba, tanpa rasa, sarta tanpa bau. Dina bentuk alami, walirang mangrupa padetan kristalin warna konéng, minangka unsur murni atawa minangka mineral sulfida atawa sulfat. Walirang mangrupa unsur ésénsial pikeun kahirupan, sarta aya dina dua rupa asam amino ésénsial. Mangpaat komersilna di antarana pikeun gemuk, mesiu, korék api, inséktisida, jeung fungisida.