Wartawan

Wartawan nyaéta jalma nu miboga pagawéan dina widang jurnalistik.[1] Salaku wartawan, manéhna kudu bisa ngawasa sababaraha kaparigelan dina widang basa nyaéta salasahijina dina kaparigelan ngaregepkeun jeung kaparigelan nulis, sabab salaku wartawan, kudu boga kamampuan nulis inpormasi nu ku manéhna ditulis dumasar kana fakta sangkan warta nu dijieun bisa akurat jeung teu meunang nyawang sorangan, nu ahirna warta éta bisa dipaluruh ku réa jelema kalawan hadé jeung bisa dipertanggungjawabkeun.[2] Saterusna éta warta dimuat dina média massa, boh média cetak boh média éléktronik.

  1. Felecianus, J (2025). Cara gampang jadi wartawanFelecianus. Jakarta: Galangpress Group. p. 82. ISBN 9789792499629.  Disungsi 29 Méi 2024
  2. Alula. "Profesi Wartawan : Pengertian, Tugas, Skill, Tujuan, Prospek Kerjanya". Blog Arkademi (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-03-30. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne